Lompat ke isi

Batu kambang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Batu apung

Batu kambang; Pumice (en) ; batu apung (id) nyaéta hiji batu anu dihasilkeun tina ngabagelna lava/lahar gunung bitu anu ngandung gas. [1][2] Ku kituna ieu batu loba kapanggih di sabudeureun gunung bitu, di Indonésia gunung bitu anu ngahasilkeun batu apung anu pohara loba tayalian gunung Krakatau.[3] [4]

Rupa-rupa kelirna aya anu semu konéng, kulawu, semu beureum, jeung rupa-rupa deui.[1]

Unsur anu pang lobana dina batu kambang tayalian silika, sésana aya alumina, beusi oksida, potash, jeung soda. [1]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Batu kambang mibanda ciri anu mandiri, kayaning:

  • Kelirna kulawu
  • Mibanda pori-pori (marolongo)
  • Hampang [4]
  • Ngambang dina cai[4]


Guna jeung mangpaat

[édit | édit sumber]

Batu kambang sok dimangpaatekun pikeun:

  • Bahan campuran nyieun hampelas
  • Batu bata anu tahan ku panas
  • Asahan
  • Cét
  • Bahan insulasi
  • Sabun, jeung sajabana[1]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b c d Komandoko, Gamal (2010). Ensiklopedia Pelajar dan UmumKomandoko. Pustaka Widyatama: Kiblat Buku Utama. p. 80. ISBN 9789796103713.  Disungsi18 Juni 2022
  2. Rohendi, S.Pd., Deden (2017). RPAL untuk SD/MI Kelas 4, 5, & 6Rohendi, S.Pd. Jakarta: Bmedia. p. 237. ISBN 9786026725059.  Disungsi18 Juni 2022
  3. Tri Atmoko, S.Pd. M.Sc. & Rudarti, S.Pd., Dadang (2021). Buku Siswa Geografi SMA/MA Kelas 10Tri Atmoko, S.Pd. M.Sc. & Rudarti, S.Pd. Jakarta: Gramedia Widiasarana Indonesia. p. 196. ISBN 9786020527529.  Disungsi18 Juni 2022
  4. a b c Hermawan, Erlangga Brahmanto, Hary (2018). GEOWISATA: Perencanaan Pariwisata Berbasis KonservasiHermawan, Erlangga Brahmanto. Jakarta: Penerbit NEM. p. 16. ISBN 9786025060366.  Disungsi18 Juni 2022