Arus listrik bulak-balik

Listrik Arus bulak-balik (Basa Indonésia: arus bolak-balik Basa Walanda: wisselstroom Basa Inggris: alternating current sarta disingket AC) nyaéta arus listrik di mana gedéna arus jeung arahna robah-robah bulak-balik. Béda jeung listrik arus saarah (basa Inggris: direct current sarta disingket DC) di mana arah arus anu ngocor henteu robah-robah nurutkeun waktu. Bentuk gelombang listrik arus bulak-balik biasana ngawangun gelombang sinusoida, ku cara ieu bisa ngalurkeun énergi paling éfisién. Tapi dina panerapan-panerapan husus anu séjén, wangun gelombang séjén ogé bisa dipaké, contona bentuk gelombang segi tilu atawa wangun gelombang pasagi.
Sacara umum, listrik bulak-balik hartina pangaluran listrik ti sumber asalna (contona PLN) ka kantor-kantor atawa imah-imah. Tapi aya ogé conto séjén kawas sinyal radio atawa audio anu dialurkeun ngaliwatan kabel, anu ogé mangrupa listrik arus bolak-balik. Dina panerapan-panerapan ieu, tujuan utama anu pangpentingna nyaéta ngabonceng (ngangkut) informasi anu ditumpangkeung (dimodulasi) atawa dikodeukeun dina jero sinyal arus bulak-balik kasebut.