Anabolisme
Pidangan
Anabolisme nyaéta prosés ngabentuk molékul kompléks dina jero awak tina sél anu leuwih basajan. Ieu prosés ngalibetkeun hormon éstrogén, téstostéron, pertumbuhan, jeung insulin. Anabolisme mindeng disebut bagian tina prosés métabolisme konstruktif, sabab bisa ngabentuk sél-sél anyar, ngajaga kaséhatan dina jero awak, jeung keur neundeun tanaga anu bisa dipaké iraha waé.[1]
Hormon
[édit | édit sumber]- Hormon anabolik klasik.
- Hormon pertumbuhan.
- IGF1 jeung faktor tumuwuh kawas insulin lianna.
- Insulin.
- Téstostéron.
- Éstrogén.
- Hormon katabolik klasik.
- Kortisol.
- Glukagon.
- Adrénalin jeung katékolamin lianna.
- Sitokin.
- Hormon leuwih anyar nu patali jeung kasaimbangan kaayaan anabolik jeung katabolik.
- Oréksin jeung Hipokretin (pasangan hormon).
- Mélatonin.
Panyakit
[édit | édit sumber]- Résiténsi insulin, kaayaan di mana sél dina jero awak teu bisa narima sinyal anu dikirimkeun ku hormon insulin. Balukarna awak teu bisa ngarobah gula (glukosa) jadi tanaga dina jero getih. Keur nutupan ieu kakurangan, pankréas loba ngahasilkeun glukosa anu nyababkeun gula getih beuki lila beuki ngaronjat. Balukrna bisa ngalaman panyakit diabétes tipe 2, obésitas, koléstrol jeung darah tinggi.[1]
- Defisiensi hormon pertumbuhan atau growth hormone deficiency (GHD), ieu gangguan kajadian waktu kelenjar pituitari teu cukup ngahasilkeun hormon pertumbuhan. Balukar anu parna nyaéta keur barudak rumaja anu bakal ngalaman mangsa puber elat jeung héséna cumarita. [1]
- Kadar téstostéron anu teu normal, ieu kaayaan bisa nyababkeun kangker prostat, nyeri sirah, produksi spérma ngurangan.[1]
- Kadar éstrogén anu teu normal, lamun kadar éstrogén dina jero awak kacida ngaronjatna bisa nyababkeun panyakit tiroid, panyakit jantung, stroke, kangker pianakan jeung kangker pinareup.[1]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e Asni, Harismi. "Kenali Proses Anabolisme dan Penyakit yang Menyertainya". SehatQ (dalam Indonesian). 27 Februari 2020. Diakses tanggal 2021-05-31. Archived 2022-08-16 di Wayback Machine