Vaséktomi nyaéta salah sahiji program kulawarga berencana (KB) keur lalaki sangkan pasanganana henteu ngandeg. Ieu prosedur mangrupa konsép kontrasépsi anu permanén ngan lalaki masih bisa kénéh orgasmeu jeung ngaluarkeun spérma. Vaséktomi dilakukeun ku cara ngeureut vas dererence anu mangrupa wangun tabung leutik dina skrotum anu ngalantarankeun spérma ka luar tina kanjut. Biasana dokter meredih ngalakukeun pamariksaan salila 8-16 minggu keur ngalakukeun obsérvasi sanggeus operasi. Ieu hal miboga udagan sangkan euweuh deui spérma anu nyésa dina jero kanjut. Sanajan kitu, masih bisa kénéh ngabalukarkeun ngandeg lamum spérma can beresih pisan. Ku kituna, sanggeus vaséktomi diperedih ngagunakeun alat kontrasépsi séjén keur ngahalangan kahéngkéran hasil operasi.[1]
Dibelék, biasana ieu pamarekan bakal ngalakukeun belékan dina dua sisi skrotum nyaéta bagian luhur skrotum jeung bagian handapeun kanjut. Tuluy vas deference bakal dileungitkeun, ditalian nepi ka diaktérisasi. Urut tatu diberesihan tuluy diberesihan tina urut jaitan salaku tahap ahir.[1]
Teu dibelék, dokter bakal maké cacapit keur nahan anu rék dikeureutna. Tuluy dijieun liang leutik dina kulit skrotum, dikeureut bagian saluranana tuluy ditalian. Ieu prosedur dilakukeun teu ngagunakeun jaitan. Ku kituna, dipikahayang pisan sabab résikona leutik jeung bakal jauh tina komplikasi.[1]