Pamupus
Pamupus atawa setip mangrupa salah sahiji kalengkepan alat tulis anu mangrupa karet leuleus anu bisa ngaleungitkeun tanda anu dihasilkeun ku paltot.[1] Pamupus kenyal saperti karét, jeung biasana warna bodas atawa hideung.[1] Aya ogé paltot anu aya pamupusna.[1] Pamupus anu mahal hargana alatan bahanna tina vinyl atawa plastik pikeun tambahan tina karét.[1] Pamupus ogé miboga harti pikeun ngahapus bor saperti papan hideung atawa papan bodas.[1] Pamupus papan hideung tradisional mangrupa blok kai anu bentukna persegi panjang anu dijieuna tina kaén wol.[1]
Sajarah
[édit | édit sumber]Dina taun 1770, pakar sains Joseph Priestley ngébréhkeun yén, manéhna pernah ningali bahan anu saluyu pikeun dipaké ngaleungitkeun urut aréng paltot dina kertas.[2] Nalika éta di Éropa, tulisan urut paltot dihapus tina kertas maké kubus-kubus anu laleutik anu dijieun tina karét.[2] Kubus-kubus leutik éta osok dipaké pikeun tujuan di Inggris jeung Australia.[2] Dina taun 1770, Edward Naime, insinyur Inggris, disebut anu nyiptakeun pamupus karét nu munggaran.[2] Saencan maké karét, serbuk roti dipaké pikeun jadi pamupus.[2] Naime ngébréhkeun yén manéhna salah mawa kepingan karét lain serbukan roti, tuluy manggihan ciri-ciri pamupus tina karét, ti saprak éta mimitina ngajualan pamupus karét.[2] Karét nu atah kénéh hésé diteundeun, lantaran babari rusak.[2] Dina taun 1839, Charles Goodyear, anu manggihan prosés vulkanisasi, kaédah anu miara karét jeung ngajadikeun bahan anu awét.[2] Pamupus jadi barang anu umum kalayan kamekaran karét anu divulkanisasi.[2] Dina taun 1858, Hyman Lipman ti Philadelphia, Pennsylvania, Amérika Serikat, narima hak patén nu munggaran pikeun pamupus aya dina ujung paltot.[2] Tapi ahirna hak patén éta ditolak alatan éta lain pamanggih anu anyar.[2]
Rupa-rupa pamupus
[édit | édit sumber]Rupa-rupa pamupus anu sok aya dina paltot biasana warna beureum ngora atawa beureum anu karakteristikna babari rapet.[3] Jinis ieu lumayan alus pikeun ngahapus urut paltot, sanajan balukarna sok ngotoran jeung ngarusak kertas lamun sering dipakéna.[3] Jinis anu kasohor di kalangan seniman nyaéta pamupus art gum, dijieuna tina karét anu teksturna kasar tapi lembut.[3] Jinis ieu cocog pikeun ngahapus pikeun kertasna anu lega. Tapi pamupus ieu loba ninggalkeun urut pamupusna jadi teu akurat.[3] Lamun loba teuing maké ieu pamupus balukarna warna kertas jadi ka konéng-konéngan.[3] Pamupus art gum biasana warnana poék saperti kacoklat-coklatan.[3] Pampus uli, atawa bahasa Inggris kneaded eraser, osok dipaké ku seniman.[3] Pamupus jinis ieu dijieuna tina bahan kelabu anu nyarupaan adonan atawa lém.[3] Kaonjoyanan nyaéta teu ninggalkeun sisa pamupus nepi ka awét dibandingkeun pamupus lainna.[3] Partikel grafit jeung taneuh liat ditarik ku adonan karét nepi ka lewih akurat jeung teu ninggalkeun urut pamupus.[3] Pamupus ieu loba dipaké pikeun méré épék hérang atawa percikan cai.[3] Kahéngkérana nyaéta saeutik rpet dina leungeun jeung babari lééh dina suhu luhur.[3] Pamupus vinyl lembut miboga tékstur saperti plastik jeung ciri-ciri pamupus ieu hampir sarua jeung pamupus karét biasa.[3] Ngan saeutik leuwih lembut jeung kuat, jadi teu babari rusak jeung aman dipaké.[3] Pamupus vinyl biasana warna bodas jeung babari kotor lamun dirampa.[3]
catetan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e f Sejarah Asal Mula Penghapus Archived 2011-10-12 di Wayback Machine(Dicutat tanggal 20 November 2011)
- ↑ a b c d e f g h i j k Sejarah Pensil dan Penghapus Archived 2011-09-28 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 21 November 2011)
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o jenis - jenis penghapus (Setip) dan penemunya[tumbu nonaktif](Dicutat tanggal 20 November 2011)