Lompat ke isi

Sistim tulis Jepang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kanji 漢字

Kana 仮名

Pamakéan

Rōmaji ローマ字

Artikel ieu ngajelaskeun sistem nulis dina Basa Jepang kiwari jeung sajarahna. Artikel ngeunaan basa Jepang bisa ditempo leuwih jelas di Basa Jepang.

Basa Jepang kiwari ngagunakeun tilu skrip utama nyaéta:

Basa Jepang bisa ogé ditulis maké tulisan Latin nu dina Basa Jepang disebutna rōmaji. Basa Jepang jarang ngagunakeun tulisan lain, iwal ti singgetan (ilahar dina istilah tehnik) nu jadi istilah umum (saperti CD jeung DVD).

Di handap ieu headline surat kabar nu ngagunakeun sakabéh skrip (tina Asahi Shimbun 19 April 2004) (kanji beureum, hiragana biru, katakana hejo, rōmaji jeung angka Arab hideung):

ラドクリフマラソン五輪代表出場にも
RADOKURIFU, MARASON gorin daihyō ni ichi-man mētoru shutsujō ni mo fukumi
"Radcliffe, Olympic marathon contestant, will also appear in the 10,000 m"

Di handap sababaraha conto kecap nu ditulis dina Basa Jepang:

Kanji Hiragana Katakana Rōmaji Sunda
わたし ワタシ watashi kuring
金魚 きんぎょ キンギョ kingyo lauk emas
煙草 たばこ タバコ tabako rokok

Gabungan (susunan kecap) dina Basa Jepang leuwih dumasar kana kana tinimbang kanji, nu nunjukkeun cara maca éta kecap. Kana disusun maké dua cara susunan nyaéta, susunan anyar gojūon (lima puluh - sora), atawa susunan-heubeul iroha. Kamus karakter Basa Cina ogé dipaké keur gabungan sistim radikal.

Cara make skrip

[édit | édit sumber]

Lolobana teks Basa Jepang ditulis dina kanji atawa hiragana, sababaraha maké katakana.

Kanji (漢字) dipaké keur nuliskeun,

Tempo artikel kanji keur leuwih jelasna.

Hiragana (平仮名) dipaké keur nuliskeun,

Tempo artikel hiragana keur leuwih jelasna.

Tulisan langsung

[édit | édit sumber]

Sacara tradisional, Basa Jepang ditulis dina format nu disebut tategaki. Dina format ieu, karakter ditulis di katuhu ke kénca. Sanggeus nepi ka panghandapna dina unggal kolom, nu maca neruskeun deui ka luhur beulah kéncana. Sistim kolom ieu nuturkeun sistim dina Basa Cina.

Basa Jepang modérn ogé ngagunakeun sistem nulis séjénna nu disebut yokogaki. Sistim nulis ieu saperti dina nulis Basa Eropa upamana Basa Inggrism nu karakterna disusun unggal baris, dibaca ti kénca ka katuhu, tur diteruskeun ka baris saterusna ka arah handap.

Sistim nulis kiwari

[édit | édit sumber]

Sistim tulisan Basa Jepang kiwari bisa dituturkeun balik ka abad ka-4 AD, mangsa tulisan Basa Jepang mimiti dipaké di Jepang. Taya bukti nu pasti yén sistim tulisan Jepang asli leuwih tiheula tinimbang pangwanoh kana Basa Cina.

Sanajan aya sababaraha bukti ngeunaan tulisan saméméhna nu disebut jindai moji (oge kamiyo moji, 神代文字, hartina "tulisan umur tuhan") kapanggih dina tulisan modérn, sababaraha pictographic, sababaraha runic, sarta sabababaraha deukeut kana Basa Korea Hangul, ieu dianggap salaku promosi "hoax" nasionalisme Jepang dina taun 1930-an. Contona bisa kapanggih di here Archived 2007-02-12 di Wayback Machine.

Mimitina, karakter Basa Cina teu dipaké keur nulis Basa Jepang; sacara literatur hartina kamampu keu maca jeung nulis Basa Cina Klasik. Sistim ieu disebutna kanbun (漢文) nu geus dimekarkeun, nu maké boh karakter Cina (kanji) jeung kadang-kadang nu ampir sarua jeung grammar Basa Cina, tapi remen tanda diacritik diteundeun deukeut teks Basa Cina keur méré tanda nu sarua dina Basa Jepang. Sajarah tulisan mimiti Jepang, Kojiki (古事記), dipercaya geus dipaké saméméh 712, saperti tulisan dina kanbun. Ayeuna sakabéh SMA di Jepang jeung sababaraha SMP ngajarkeun kanbun salaku bagéan tina kurikulum Basa Jepang.

Taya sistim tulisan nu dipaké dina Basa Jepang nepi ka mimiti diwangunna man'yōgana (万葉仮名), nu maké karakter Cina keur sora fonétikna (diturunkeun keu maca Basa Cina) tinimbang semantikna. Man'yōgana mimiti dipaké keur nulis sajak, saperti dina Man'yōshū (万葉集), nu mimiti dipaké samameh taun 759, sarta ti dinya diturunkeun sistim tulisan nu aya ayeuna. Hiragana jeung katakana duanana tumuwuh tina man'yōgana.

Sabab loba kecap jeung konsép nu asup ka Jepang ti Cina teu sarua jeung pamake aslina, loba kecap nu asup kana Basa Jepang sacara langsung nu cara ngucapkeunna sarua jeung Basa Cina asli. Cara maca Basa Cina ieu disebutna on-yomi (音読み), sarta kosa kata sakabéhna dumasar kana Sino-Japanese. Dina waktu nu sarua, pamake Basa Jepang asli mibanda kecap ku pakait jeung kanji injeuman. Pangaran loba maké kanji jeung ngagambarkeun ieu kecap. Cara maca Basa ieu disebutna kun-yomi (訓読み). Hiji kanji bisa teu mibanda, hiji atawa sababaraha on-yomi jeung kun-yomi. Okurigana cara nulis sanggeus kanji mimiti keur kecap gawe jeung sipat tur keur ngabantu sangkan teu bingung dina maca sababaraha kanji. Karakter nu sarua bisa dibacara ku sababaraha cara gumunatung kana kecapna. Contona, karakter keur 行 dibaca i keur suku kata mimiti iku (行く) 'indit', okona keur mimiti tilu suku kata okonau (行う, "nyokot"), gyō dina susunan kecap gyōretsu (行列, "garis" atawa "prosesi"), dina kecap ginkō (銀行, "bank"), jeung an dina kecap andon (行灯, "lentera").

Ahli basa kadangkala ngabandingkan kecap injeuman Basa Jepang jeung adaptasi tina Basa Cina kana Basa Jepang saperti pangaruhna Norman conquest England kana Basa Inggris. Saperti dina Basa Inggris, sinonim Basa Jepang béda ti aslina, keur kecap boh tina Basa Cina atawa Basa Jepang Asli. Kasaruaan séjénna, kecap asli Basa Cina ilahar dipaké leuwih resmi atawa intelek dina kontek ku pamake Basa Jepang, saperti pamake Basa Inggris leuwih sering maké kecap latin keur nandakeun leuwih luhur kamampuna.

Reformasi basa tulisan

[édit | édit sumber]

Periode Meiji

[édit | édit sumber]

Parobahan nu nyata dina abad ka-19 Meiji era teu nyababkan akibat langusng kana sistim tulis Jepang, sanajan basa sorangan robah ku sabab lobana literatur tina reformasi pendidikan, lobana asupan kecap anyar; boh kecap injeuman tina basa séjén atawa jieunan anyar sarta hasilna gerakan saperti pangaruh 言文一致 (genbun'itchi) nu dihasilkeun dina Basa Jepang dina tulisan "colloquial" keur ngagantikeun gaya tulisan klasik nu dipaké saméméhna. Hesena nulis Basa Jepang jadi topik nu loba didiskusikeun, sababaraha usulan sanggeus taun 1800-an sangka jumlah kanji nu dipaké diwatesan. Usulan séjénna, keur ngaganti sakabéh tulisan nu lain Basa Jepang (usulan ieu kurang hasil) dina kana atawa romaji. périodeu ieu nembongkeun tanda baca gaya tulis kulon mimiti dipikawanoh dina tulisan Jepang (Twine, 1991).

Dina taun 1900, Kementrian Pendidikan mimiti ngawanohkeun tilu reformasi keur naekeun pendidikan dina Basa Jepang:

  • standarisasi hiragana skrip, ngurangan hentaigana (変体仮名);
  • nangtukeun jumlah kanji nu diajarkuen di sakola dasar kita-kira 1,200;
  • reformasi bentuk kana teu teratur, dijelaskeun dina Sino-Japanese cara maca kanji sangkan leuwih pas dina cara ngucapkeunna.

Dua mimti ilahar ditarima, tapi nu katilu masih kénéh aya ganjelan, sarta loba nu nolak dina taun (Seeley, 1991).

Samemeh PDII

[édit | édit sumber]

Sabagéan kagagalan reformasi taun 1900 ditambah ku naekna rasa nasionalisme di Jepang sacara éféktifnahan reformasi dina sistim tulisan. périodeu saméméh Perang Dunya II nembongkeun usulan keur teges kana pamakéan sajumlah kanji, sarta sababaraha koran sacara sukarela teges kana pamakéan kanji tur leuwih loba maké furigana, tapi taya dukungan resmi tur loba tangtangan oge.

Sanggeus PDII

[édit | édit sumber]

périodeu sanggeus Perang Dunya II nembongkeun parobahan nu gancang tur nyata dina reformasi sistim tulisan. Hal ieu sabagéan tina pangaruh kawijakan pamaréntah, tapi sacara nyata ngaleungitkeun konservatif tina kontrol sistim pendidikan, nu hartina ngoméan nu geus aya saméméhna. Reformasi utama nyaéta:

  • kawijakan maké sakabéh kana nu cara ngucap modérn (現代仮名遣い gendaikanazukai), ngagantikeun pamakean kana heubeul (1946);
  • mimiti ngagunakeun tōyō kanji (当用漢字), nu jumlah kanji diwatesan dipaké di sakola, teksbook jeung sajabana, tina 1,850 (1946), jeung nyederhanakeun bentuk kanji (tempo Shinjitai);
  • mimiti ngagunakeun kanji nu susunan kanji disatujuan keur dipaké di sakola (1949);
  • mimiti nambahkeun jinmeiyō kanji (人名用漢字) nu mangrupa kombinasi jeung tōyō kanji keur dipaké dina ngaran (1951).

(Salah sahiji usulan ti administrasi pamaréntahan nyaéta keur ngarobah sistim tulisan kana rōmaji, tapi teu didukung ku para ahli tur teu diteruskeun.) (Unger, 1996)

séjénna, sistim nulis sistim tulisan datar ti katuhu ka kénca ilaharna diganti ku sistim tulis di kénca ka katuhu. Susunan katuhu ka kénca dipaké keur kasus husus tulisan nangtung, nu mana kolom karakter ti luhur, diteruskeun sistim datar per se; ieu dipaké keur sistim tulis sagaris dina tanad, jst. (contona tanda stasion di Tokyo dibaca 駅京東). Tulisan ieu masih dipaké dina sisi katuhu (atawa papan iklan) sababaraha kandaraan, kapal, jst, nu mana dipaké keur runtuyan teks ti hareup ka tukang dina kandaraan dina dua sisina.

Reformasi sanggeus perang masih kénéh nyesakeun sababaraha hal, sanajan sababaraha kategesan geus dikurangan. Ngagantikeun tōyō kanji dina 1981 ku 1,945 jōyō kanji (常用漢字) geus dihijikeun ku ngarobah tina "kategesan" ka "rekomendasi", sarta dina kapimilikan pangajaran jadi kurang aktif keur neruskeun reformasi sistim tulisan (Gottlieb, 1996).

Dina taun 2004, loba tambahan dijieun dina sajumlah kanji jinmeiyō kanji. Daftarna ngarujuk ka Kementrian Kehakiman.

Nuansa sistim nulis

[édit | édit sumber]

Sistim tulis Basa Jepang ngidinan keur nepikeun informasi dina komunaksi jeung basa séjén ngagunakeun kecap nu béda atawa ku nambahkeun katerangan ngeunaan éta kecap. Contona, kanji watashi atawa watakushi 私 "kuring" ilahar dipaké dina tulisan formal boh ku lalaki atawa awewe. Hiragana watashi わたし leuwih ilahar dipaké ku awewe dina tulisan informal saperti catetan harian atau surat ka bababaturan. Katakana watashi ワタシ jarang dipaké. Rōmaji watashi teu pernah dipaké, iwal ti dina kontek sakabéh-rōmaji.

Susunan Kanji ogé méré kateupastian dina cara maca keur kaperluan gaya. Contona dia Natsume Soseki carita pondok The Fifth Night, pangarang maké 接続って keur tsunagatte, gerundive bentuk -te tina kecap tsunagaru ('ngahubungkeun'), nu ilahar ditulis nyaéta 繋がって atawa つながって. Tempo ogé furigana keur leuwih jelasna.

Romanisasi

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Romaji.

Aya sababaraha cara pikeun alih aksara Jepang ka Romawi. Métode Hepburn nu ditujukeun pikeun pamaké basa Inggris sacara de facto baku dipaké, boh di luar atawa di Jepang sorangan (ogé dipaké di Wikipédia basa Inggris). Sistim Kunrei-shiki leuwih hadé dipaké pikeun kana, antukna leuwih ngagampangkeun pikeun urang Jepang; disahkeun ku Kamentrian Atikan Jepang, tapi jarang dipaké di luar. Sistim lianna di antarana Nihon-shiki, JSL, jeung Wāpuro.

Tempo oge

[édit | édit sumber]

Gaya tulisan

[édit | édit sumber]

Variasi sistim tulisan

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  • Gottlieb, Nanette (1996). Kanji Politics - Language Policy and Japanese Script. Kegan Paul. ISBN 0-7103-0512-5. 
  • Twine, Nanette (1991). Language and the Modern State - The Reform of Written Japanese. Routledge. ISBN 0-4150-0990-1. 
  • Seeley, Christopher (1984). "The Japanese Script since 1900". Visible Language XVIII 3: 267-302. 
  • Seeley, Christopher (1991). A History of Writing in Japan. University of Hawai'i Press. ISBN 0-8248-2217-X. 
  • Habein, Yaeko Sato (1984). The History of the Japanese Written Language. University of Tokyo Press. ISBN 0-86008-347-0. 
  • Unger, J. Marshall (1996). Literacy and Script Reform in Occupation Japan: Reading Between the Lines. OUP. ISBN 0-1951-0166-9. 
  • wikipedia basa Inggris, Agustus 2006.

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]