Khalifah
Khalifah nyaéta gelar anu dibérékeun pikeun pamingpin umat Islam sabada maotna Nabi Muhammad (570–632). Kecap "Khalifah" (خليفة Khalīfah) sorangan bisa ditarjamahkeun sabagé "pangganti" atawa "wakil".[1] Dina awalna, para pamingpin Islam ieu nyebut dirina "Khalifat Allah", anu hartina wakil Allah (Tuhan).[1] Tapi dina kamekarannana sebatan ieu diganti jadi "Khalifah rasul Allah" (anu hartina "anu ngagentikeun Nabi Allah") anu salajengna jadi sebatan standar piekun ngagentikeun "Khalifah Allah".[1] Sanajan kitu, sababaraha akademisi milih pikeun nyebat "Khalīfah" sabagé pamingpin umat Islam.[1]
Khalifah ogé mineng disebat sabagé Amīr al-Mu'minīn (أمير المؤمنين) atawa "pamingpin jelma anu iman", atawa "pamingpin jelma-jelma mukmin", anu osok disingket jadi "amir".[1]
Sabada kapamingpinan Khulafaur rasyidin (Abu Bakar, Umar bin al-Khattab, Utsman bin Affan, dan Ali bin Abi Tolib), kakhalifahan anu dicekel ku Bani Umayyah, Bani Abbasiyah, jeung Kasultanan Utsmaniyah, jeung sababaraha kakhalifahan leutik, berhasil ngalegaan kakuasaanna nepi ka Spanyol, Afrika Utara, jeung Mesir.[1]
Allah berfirman "Inget nalika pangéran anjeun berfirman ka Malaikat: Saéstuna kuring (Allah) rék ngajadikeun saurang khalifah di alam dunya, Maranéhna ngawaler: Kunaon pangéran rék ngajadikeun (khalifah) di dunyaéta jelma anu bakal nyieun karusakan jeung silih maéhan papada jelma nu lian, padahal kami senantiasa dzikir jeung muji Anjeun (Pangéran) tur nyucikeun anjeun?. Pangéran berfirman: Saéstuna kuring mikanyaho naon-naon nu teu anjeun pikanyaho(Al-Baqarah:30).[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |