Lompat ke isi

Naskah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Révisi per 27 Méi 2020 05.38 ku Dinototosugiarto (obrolan | kontribusi) (Nambihkeun cutatan)
(béda) ← Révisi leuwih heubeul | Témbongkeun révisi kiwari (béda) | Révisi nu leuwih anyar → (béda)

Naskah (basa Latin manuscript: manu scriptus ditulis tangan), sacara husus, nyaéta sadaya dokumén tinulis nu ditulis leungeun (atawa diukir), dibédakeun ti dokumén citakan atawa salinanana ku cara lain. Kecap 'naskah' asalna tina basa Arab nuskhatum nu hartina lambaran kertas.[1]


Naskah dina sajarah

[édit | édit sumber]

Saméméh aya percitakan, sakabéh dokumén tinulis kudu dijieun jeung dilobaan ku cara ditulis leungeun. Biasana, naskah dijieun dina bentuk gulungan, buku, jeung untuyan naskah nu "ditulis" dina lontar/nipah, daluang (kertas tradisional nu seratna kasar), jeung kertas.

Di Asia Tenggara, dina milénium kahiji, dokumén penting dijieun dina lambaran tambaga nu dilemesan ku diduruk, asrta diukir ku tatah logam. Di Filipina, misalna, dina abad ka-9, dokumén teu diukir ku tatah, tapi sarua jeung panyitak dot-matriks kiwari. Dokumén kawas kieu jarang kapanggih, dibanding jeung naskah-naskah nu dijieun dina daun atawa awi. Ngan, iklim tropis nu lembab ngabalukarkeun naskah-naskah tina bahan organik gampang pisan ruksak. Di Nusantara, naskah-naskah nu dijieun dina daun lontar/nipah jeung daluang loba dipaké. Sakumaha kiwari, naskah dina daluang ditulis ngagunakeun kalam/koas, sedengkeun dina dangdaunnan, tulisanana diukir ngagunakeun péso leutik nu disebut péso pangot.

Di Kulon, nalika jaman klasik nepi ka abad-abad awal mangsa Kristen, naskah-naskah ditulis tanpa spasi antarkecap (scriptio continua), antukna pikeun nu teu biasa mah susah pisan. Salinan naskah-naskah éta biasana ditulis dina aksara Yunani jeung basa Latin nu asalna ti abad ka-4 nepi ka abad ka-8, digolongkeun dumasar dipaké/henteuna aksara kapital atawa aksara leutik.

Naskah kiwari

[édit | édit sumber]

Numutkeun Library and Information Science, naskah téh nyaéta sadaya barang tulisan leungeun nu aya dina koléksi pabukon atawa arsip; misalna, surat-surat atawa buku poéan pribadi hiji jalma nu aya na koléksi hiji pabukon.

Dina jihat séjén, istilah "naskah" teu ukur dipaké pikeun sagala rupa nu dituis leungeun. Dina pawedalan buku, kalawarta, jeung musik, naskah hartina salinan asli karya nu ditulis ku hiji pangarang atawa komponis. Dina dunya perfilman jeung téater, naskah hartina téks pamaén drama, nu dipaké ku pausahaan téater atawa kru film nalika dijieunna hiji paminton atau film.

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Cutatan

[édit | édit sumber]
  1. Suryaatmana, Emon; Drs. Undang Ahmad Dursa, Dra. Ane Erlyane, Dra Tien Wartini (1993). Paririmbon Sunda (Jawa Barat). Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. p. 2.