Usmar Ismail
Usmar Ismail | |
---|---|
Gumelar | 20 Maret 1921 Bukittinggi, Sumatra Barat, Hindia Belanda |
Tilar dunya | 2 Januari 1971 (yuswa 49) Jakarta, Indonesia[1] |
Kabangsaan | Indonesia |
Pagawéan | Sutradara, produser film, penulis |
Taun aktip | 1950 - 1970 |
Usmar Ismail salah sahiji tokoh nu ngayakeun pilem di Indonesia sakaligus nu ngarintis sandiwara modéren.[2][3] Pilem-pilemna mindeng dilélér hadiah boh di Indonésia boh di Asia.[2] Usmar ogé aktip dina widang nulis sarta mindeng nyieun syair.[2] Lahir di Batu Sangkar Kabupaten Tanah Datar, Sumatera Barat tanggal 20 Maret 1921, ngantunkeun tanggal 2 Januari 1971.[2] Tujuh sadudulur ti pasangan Tumenggung guru OSVIA Bukittinggi, jeung indungna Siti Fatimah.[2]
Taun 1927 Usmar asup ka sakola di HIS Batu Sangkar.[2] Sanggeus lulus indit ka Padang pikeun nuluykeun atikan di MULO sarta nyokot jurusan IPA.[2]
Taun 1938 hijrah ka Yogyakarta pikeun nuluykeun sakola ka AMS.[2] Lulus taun 1942.[2] Tuluy digawé di Pusat Kebudayaan (Keimin Bunka Sidosyo).[2] Kapapancénan jadi pangarang sagigireun aktip dina widang sandiwara.[2]
Taun 1994 bareng jeung babaturanana, Usmar Ismail nyieun hiji kelompok sandiwara nu dingaranan “Maya”.[2] Pupuhuna nyaéta Rosihan Anwar jeung sababaraha anggotana saperti HB Jassin, Dr Abu Hanifah, jeung Usmar Ismail sorangan.[2] salah sahiji pilem nu suksés dipintonkeun nyaéta “Taufan di Atas Asia” gubahan El-Hakim atawa Dr. Abu Hanifah.[2]
Dina dunya kapangarangan, Usmar Ismail nulis kumpulan sajak Puntung Berasap kalawan pamedal Balai Pustaka.[2] Salian ti éta, Usmar ogé nulis tilu buku lakon sandiwara nyaéta
"Lakon-lakon Sandiwara Sedih dan Gembira" (Balai Pustaka), sarta “Mutiara dari Nusa Laut (Pusat kebudayaan) dan Citra” (Gapura).[2]
Di Yogya, Usmar aktip dina widang kabudayaan, politik, jeung militér.[2] Usmar jadi anggota Badan Inteligen.[2] Pangkatna mayor di bagéan Penerangan Tentara.[2] Salian ti éta Usmar ogé ngarangkep jadi pupuhu majalah Arena nu medal di Yogyakarta.[2] Di ieu kota ogé dina periode 1946-1947 kapapancénan jadi Ketua Persatuan Wartawan Indonésia (PWI).[2]
Kagiatanana dina widang politik jeung militér ngabalukarkeun Usmar kudu nyanghareupan pamaréntah Hindia Belanda.[2] Usmar dituduh ngalakukeun gerakan subversive nepi ka dihukum tujuh bulan di pangberokan Jakarta.[2] Kaluar ti pangbérokan, Usmar digawé di South Pacific Film Corporation, nu mangrupa pangalaman munggaranana di dunya pilem.[2] Bareng jeung babaturanana, Usmar nyieun Perusahaan Film Nasional Indonesia (PERFINI).[3] Pilem munggaran hasil produksi PERFINI tanggal 30 MAret 1950 nyaéta "Long March" atawa "Darah dan Doa".[3]
Alatan préstasi-préstasina, dina taun 1962 Usmar Ismail dilélér Piagam Wijaya Kusuma ti présidén Soekarno.[2] Salian ti éta, Usmar ogé jadi salah sahiji inohong nu miboga kalungguhan dina Akademi Téater Nasional Indonesia (ATNI).[2]
Filmografi
[édit | édit sumber]- Harta Karun (1949)
- Tjitra (1949)
- Darah dan Doa (1950)
- Enam Djam di Djogja (1951)
- Dosa Tak Berampun (1951)
- Kafedo (1953)
- Krisis (1953)
- Lewat Djam Malam (1954)
- Lagi-Lagi Krisis (1955)
- Tamu Agung (1955)
- Tiga Dara (1956)
- Delapan Pendjuru Angin (1957)
- Asrama Dara (1958)
- Pedjuang (1960)
- Toha, Pahlawan Bandung Selatan (1961)
- Anak Perawan di Sarang Penjamun (1962)
- Bajangan di Waktu Fadjar (1962)
- Holiday in Bali (1963)
- Anak-Anak Revolusi (1964)
- Liburan Seniman (1965)
- Ja, Mualim (1968)
- Big Village (1969)
- Ananda (1970)