Lompat ke isi

Ijtihad

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatSaum
ZakatHaji
Kota Penting
MekahMadinah
YerusalemKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaMaulid
Wangunan
MasjidMunara
MihrobKa'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
FiqihFatwaSyari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Ijtihad asalna tina kecap ijtahada artina usaha bener-bener atawa ngaluarkeun sagala pangabisa.[1] Ijtihad sacara istilah dihartikeun para ahli Ushul Fikih, minangka usaha mujtahid (jelema anu berijtihad) kalayan sakabéh kaenyaan sarta kesanggupan pikeun meunangkeun katangtuan hukum hiji hal masalah kalayan ngagunakeun métodologi anu bener, ti kadua asal hukum Alquran sarta Assunnah.[1]

Anu dijadikeun sarandéan dina ijtihad nyaéta hadis ngeunaan Muadz bin Jabal nalika diutus ku Nabi saw. pikeun jadi hakim di nagari Yaman.[1] Rasullullah nanya: "Kumaha manéh baris ngutuskeun perkara lamun disanghareupan ka manéh hiji pengaduan?" Manéhna némbalan: "Kuring baris ngutuskeun kalayan hukum anu kamuat di jero Kitabullah (Alquran)." Anjeunna nanya: "Lamun henteu di jero Kitabullah?" Manéhna némbalan: "Jeung Assunnah Rasulullah" Anjeunna nanya deui: "Lamun euweuh di jero Assunnah Rasulullah?" Manéhna némbalan: "Kuring baris usaha teguh ngagunakeun pikiran sarta teu eureun usaha."[1]

Wangun Ijtihad

[édit | édit sumber]
  • Ijmak, nyaéta kamupakatan para mujtahid dina hiji magsa kana hukum syara' ngeunaan hiji perkara.[2]
  • Qiyas, nyaéta nyaruakeun hiji perkara anu euweuh nasna dina perkara séjén anu aya nasna lantaran ayana kasaruaan perkara kasebut.[2]
  • Istishab, nyaéta neruskeun lumakuna hukum anu geus aya sarta anu geus ditetepkeun alatan ayana hiji dalil, nepi ka aya dalil séjén anu ngarobah kalungguhan hukum kasebut.[2]
  • Maslahah murasalah, nyaéta kemaslahatan (kahadéan) anu henteu disyariatkan ku syara' dina wangun hukum, sarta lamun dipigawé baris mawa kebaikan.[2]
  • Urf, nyaéta kabiasaan atawa talari atawa adat anu dipigawé ku manusa, boh dina wangun omongan boh gawéna.
  • Saddu zara'i, nyaéta ngahulag perkara-perkara anu zahirna subhat alatan manéhna muka jalan sarta jadi nu ngadorong ka gawéna anu nyata maksiat.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d Tim Dosen Agama Islam UNIVERSITAS INDONESIA. 2009. Islam Tuntutan dan Pedoman Hidup. Bandung; Value Press Bandung. Kaca 56
  2. a b c d e Abdullah, S.Ag. & Helmi, Yusuf, S.Ag. Lembar Kerja Siswa SMA Untuk Kelas X Semester I Agama Islam. Depok; CV.Arya Duta. Kaca 35